Langsung ke konten utama

SALAH ASIH

Iwal ti Pangeran, hirup kuring saha deui nu nyaho. Kamari kuring bungah asa pangbungahna saalam dunya, ayeuna kuring nyungkelit sorangan nurub diri ku batin kaleungitan. Naha ngan sajorélat? Tali asih anu ku kuring dipiharep bakal manjang geuning ngan nyésakeun bangkarakna, naha manéhna bet téga? Ninggalkeun kuring ngan ukur mekelan kasedih.

Haté peupeus harepan pupus, geuning manéhna leuwih milih nu lian, rarasaan mah kurang kumaha kuring méré kanyaah keur manéhna, teu ingeteun kitu kana janjina baheula, ongkoh rék mikaasih najan loba nu leuwih, saeutik gé ceunah moal kagoda ku napsu dunya. Ras Inget kajadian saminggu kamari basa manéhna kapanggih ku kuring keur bobogohan jeung nu séjén, ku téga Amir salingkuh jeung babaturan sorangan. Mirna saruana, hianat ka kuring nu geus jadi babaturanana ti leuleutik. Hanjakal harita bet kudu ditepungkeun, niatna mah ngarah wanoh, geuning ngadon jadi mamala.

Najan kuring narima basa manéhna ménta pepegatan, angger ari kasedih mah teu bisa nahan, cipanon murubut eweuh pisan saatna,

“Moal! moal ngarasula kuring mah, najan papacangan di rebut batur gé. Pék téh teuing, jodo mah moal pahili.. Nasib manusa mah ukur Gusti nu boga hak! Geus kuduna kieu mereun, Min.”
kitu omong kuring basa nyarita ka Mimin perkara nasib kuring jeung si Amir, sabenerna mah ngan ngabubungah manéh, da anggeur ari haté mahmoal bisa dibohongan.

Kuring téh boga dosa naon atuh nepi ka di nyeuri hatékeun kawas kieu, mun téa kuring teu boga iman, geus di cabut paksa mereun ieu nyawa.

 “Ita, atuh meunggeus tong ceurik waé. keun baé, apan jelema hianat mah jodona gé jeung nu hianat deui!”

Biwir karasa beurat, rék ngomong teu wani pok, hésé cacarita deui, matak kieu gé éstuning gara-gara kasalahan kuring, mihapékeun haté ka jelema teu jujur.

“Eunggeus atuh Ta, tong mikiran mangkeluk kawas kitu patut, enya gé kasép ari goréng budi mah jang nanahaon. Cuiih, teu hayang kuring mah nénjo beubeungeutanana gé!” ceuk Mimin ngupahan kuring.

Enya, ngan ukur aya Mimin ayeuna, sobat kuring hiji-hijina, padahal can lana kuring wawuh jeung manéhna téh, deukeut sotéh basa mimiti asup kuliah. Harita, nalika keur ospék kuring jeung Mimin sakelompok, mun aya pangabutuh teu weléh silih bantuan, nepi ka ayeuna. Kabungah, kasedih, kasieun, kabingung, kabéh gé tara elat kuring nyarita ka Mimin, kaasup basa kuring milih Amir jadi papacangan, padahal manéhna téh geus omat-omatan,

“ulah daék atuh, Ita, ulah!”
“tapi, Min...” can pok kuring nyarita, Mimin geus mingheulaan ngomong.
“yeuh Ita, kuring téh apal pasipatanana éta jelema, ngan kuring téh, ah teu wasa nyaritana..” ceuk Mimin bangun nu bingung.

Kuring teu maliré saeutik-eutik acan kana omongan Mimin, ceuk kuring gé harita mah kuring téh asa jelema pangbungahna saalam dunya, éstu ngan ukur aya Amir nu aya na haté kuring.

Di béh kiduleun Gunung Manglayang
Aya mojang anu lenjang
Geulisna kawanti-wanti
Éndahna kabina-bina
Geulis bawaning ngajadi
Éndah bawaning ti Qudrat

(Sajak manèhna, keur kuring harita)

“leres kitu Akang téh nyaah ka abdi?” ceuk kuring bari imut.
“atuh teu nyaah mah kanggo naon Akang wengi-wengi kadieu nyampeurkeun enéng, nya abah enéng téh kacida galakna, moal teu dipencit mereun néng mun kapendakeun mah.”
“Akang mah ari nyarios téh, na émangna abah téh tukang jagal?” walon kuring semu baeud.
“sanés abahna, tapi ieu yeuh néng geulis tukang jagal mah, ngajagal haté Akang.” omongna bari nyiwit pipi.
jol manéhna neuteup jero pisan, “janten kumaha néng waleranana?”
“naon téa, Kang?” ceuk kuring bari ngeluk tungkul, api-api teu ngarti kanu dipimaksud.
“ah enéng mah,” témbalna bangun nu kuciwa.
“kumaha Akang waé, abdi mah nampi.” Ceuk kuring bari ngaharéwos kana ceulina.

Peuting harita, dunya asa nu duaan, langit nu tadina meredong ngadak-ngadak jadi caang deui, béntang jeung bulan parebut ciga hayang nyaksian dua haté anu pacantél jadi hiji.

Tapi ayeuna, asa kabéntar gelap, kacaahan cai ti girang, kaduhung sagedé gunung, batin ceurik balilihan, jajantung ratug, uteuk geus teu bisadeui mikir, naha atuh kuring téh bet nyaah-nyaah teuing ka si Amir?!! manahoréng bet kieu ari kakara ngalaman rasa trésna! Daék di bobodo!

Hayang kuring ngedalkeun ieu tunggara ka manéhna, ka lalaki anu kungsi méré pangbungah na kahirupan kuring, tapi dalah da kumaha, ukur neuteup manéhna ti kajauhan, geus clak deui cimata maseuhan pipi.
Enya, ngan ukur surat anu bisa ngawakilan haté kuring ayeuna. Gék kuring diuk deukeut jandéla, moro kaluar ningali méga hideung gugundukan, trét kuring nulis dina kertas salambar,

“kahatur,

Kang Amir anu di pikaasih tur di pikacinta

Assalamualaikum warrohmatullohi wabarokatuh.
Kumaha Kang damang? Tos sababaraha dinten teu patepang, rasa sono asa nyeudeuk na ieu dada, Akang tos tara deui ngintunan serat kanggo abdi.
Emmm...Tandesna mah abdi téh nyaah kénéh ka Akang, éstu ngan Akang nu aya dina haté abdi, mereun bagja pisan nya Kang, upami urang duaan ngahiji, pasini, ngalaki rabi.
Tapi harepan téh tinggal harepan, kahoyong téh geuning ngan aya dina impénan abdi hungkul, buktosna Akang téh tos milih jalan nyalira, milarian kabagjaan kanu lian.
Lereus geuning nya, perkara jodo mah kagungan Pangéran, hanjakal, abdi sareng Akang teu ditakdirkeun ngajodo.
Hapunten abdi tos kumawantun ka Akang, mugia Akang salawasna di paparin kaséhatan sareng rejeki anu halal. Nitip Mirna nya, tos cekap abdi hungkul anu nalangsa.
Wassalamualaikum Warohmatullohi Wabarokatuh.

Nu mikaasih,
Ita.

-TAMAT-

Komentar

Postingan populer dari blog ini

BUDAYA | KESELARASAN JAMPÉ UBAR HATÉ DENGAN HADIST NABI (tentang kuatnya doa orang yang teraniaya)

Oleh: Heni Meliyanawati Tahukah anda bahwa Desa Ciparakan yang terletak di Kecamatan  Kalipucang, Pangandaran  merupakan gudangnya ilmu  mantra ?  Di desa ini  berbagai jenis  mantra  mudah sekali ditemukan dan ternyata masyarakatnya pun masih menggunakan  mantra dalam kehidupannya sehari-hari. M ulai  dari mantra yang digunakan untuk memulai suatu pekerjaan ( Jangjawokan ), mantra untuk menyembuhkan penyakit ( Jampé ), mantra dalam urusan menguasai jiwa yang lain ( Asihan ), mantra agar memiliki kekuatan ( Ajian ), mantra agar tidak diganggu oleh bangsa jin ( Singlar ), dan mantra yang digunakan untuk keselamatan ( Rajah ). Mantra sebagai salah satu karya sastra puisi  buhun  (kuno) lahir dalam masyarakat Sunda primitif. Menurut  Hauser (dalam Faruk, 2013:12), kesusastraan zaman primitif ini terbagi menjadi dua, yakni ketika masyarakat masih dalam pola produksi sebagai masyarakat berburu, misalnya, seni cenderung m...

Belajar dari Ketetapan

Halo pembaca yang budiman, sudah lama sekali aku tidak menyapa. Apa kabarnya? Semoga selalu sehat ya! Aku menulis ini dalam perjalanan pulang, pukul 17.45 di kereta api lokal tujuan Padalarang-Rancaekek. Rencananya aku ingin membeli tiket keberangkatan pukul 16.50, tetapi karena ketidaktahuanku bahwa pembelian tiket kereta ditutup 10 menit sebelum pemberangkatan, akhirnya aku membeli tiket keberangkatan pukul 17.20. Namun sayang sekali, hal yang tidak diharapkan terjadi, kereta ternyata mengalami keterlambatan, jadilah aku baru duduk di kereta di jam sekarang. Kejadian sederhana tadi mengingatkanku bahwa seringkali hidup tidak berjalan sesuai dengan yang kita bayangkan. Alih-alih bisa pulang lebih cepat, nyatanya malah semakin terlambat. Pembaca yang budiman, adalah hal yang tidak menyenangkan bukan ketika yang terjadi di kehidupan kita tidak sesuai dengan yang sudah direncanakan? Walaupun sekuat tenaga kita berusaha untuk mengejar hal kita inginkan, namun ketika bukan itu takdir kita,...

RINGKESAN BABAD PANJALU

Prabu Borosngora téh salah sahiji raja Panjalu. Kagungan putra dua, nyaéta Radén Aria Kuning sareng Radén Aria Kancana. Nalika ngarasa meujeuhna écag ngeureunan palay, marén muru ngabagawan, anjeunna milih Radén Aria Kuning pikeun nuluykeun, manjangkeun lalakon Panjalu. Sang Prabu mungkur tatan-tatan ngabagawan miang ka Jampang kalih mulawarga, kalebet Radén Aria Kancana. Radén Aria Kuning jeneng jadi Raja, mingpin rahayatna kalayan wijaksana. Panjalu tingtrim kertaraharja. Hiji waktu anjeunna aya karep palay ngabedahkeun Situ Léngkong, tuluy ngutus mantri pikeun ngangkir ramana ka Panjalu. Hanjakal Prabu Borosngora nu tos sepuh teu tiasa nyumponan pangangkir putrana. Prabu Borosngora laju ngutus Radén Aria Kancana pikeun ngawakilan anjeunna. Sadugina di tapelwates dayeuh, Radén Aria Kancana katut ponggawa ngantos dipapagkeun ku rakana. Orokaya Radén Aria Kuning kalah sukan-sukan ngala lauk. Ningal polah rakana kitu, Radén Aria Kancana bendu tuluy ngaburak-barik dayeuh nep...